Sajak Sunda Di Pangandaran


sajak sunda di pangandaran


PEUTING DI PANGANDARAN
Peuting ieu langit béngras luhureun lemah pananjung
kalangkang bulan nu ngangkleung na beungeut cai
ririakan kaoyag umpalan lambak

peuting ieu béntang siang luhureun lemah Pananjung
laut lir imut
némbongkeun rupa jeung sora
taya kendatna

peuting ieu aya rasa nu teu kedal
kapicangcam lagu éndah pujaan dunya rumaja
peuting ieu aya waaruga nyorangan
di basisir Pangandaran ... Yayah Abdurahman - Manglé

SONO

Langit can eureun jumerit
tapi haté, teu anteng ku di pépéndé
keukeuh hayang panggih
ku sono nyelek tikoro

Ronghéap jeung léngkah-léngkah
ditungtungan ku tugenah
nu ditéangan teu nyampak
panon ngan ukur rambisak ... F. Nurjaman Syam ... Manglé

CIPATUJAH

Diuk nyanghunjar lambar
dina tonggong cada ngampar
anteng neuteup beungeut laut
nu teu weléh oyag imut

Teuing ku éndah
lelemah tempat bumetah
di dieu asih munggaran sirungan
saentasna lawas muguran

Hiliwir angin sumilir
haréwos geter katineung
nu lenjang galing rambutna
horéng ku seukeut neuteupna

Teuing ku betah
ngumbara ka Cipatujah
sagalana teu weléh imut
lir oyagna cai laut ... Kusnadi Kartawijaya

Labels: Sajak Sunda
0 Komentar untuk "Sajak Sunda Di Pangandaran"

Back To Top